Senin, 12 Maret 2012

Burit Geus Reupreupan


Layung, ka mana layung
basa girimis nyandet urang di saung
satengahing pajaratan
basa réngsé ngurebkeun layon
Diriung parentul batu tutunggul
sakapeung urang pating gerendeng
mimindengna ukur ngaheneng
diranggeum keueung

Jeung burit beuki reupreupan

-Saha heula
anjeun heula kuring heula? cék anjeun harita
-Teu kudu paheula-heula
dawuh cunduk mun pareng giliranana, -tembal kuring
asa-asa

Basa angin ngahiur ngawurkeun sawér cihujan
jeung seungit kembang samoja
bulu punduk naha bet muriding
geuning urang paheula-heula bingbrit
norobos hujan nu beuki ngerepan

Jeung burit beuki reupreupan